Skip to main content

CARPON: Hukuman

HUKUMAN

Ku: Anisa Putri

 


    Kulisik Doni nyaring bari rurat-reret ngagisikan panon. Ieu tempat téh ahéng, lain kawas sawarga tapi ogé lain kawas naraka. Euweuh seuneu, euweuh jalma anu keur disiksa, jeung euweuh iblis atawa sétan anu tandukan. Barang tanggah, bréh katingali di juru rohangan aya hiji lalaki anu katingali ngora jeung kasép, manéhna anteng diuk dina korsi goyang.

    "Wilujeng sumping, Doni," ceuk éta lalaki sabari imut semu sinis.

    "Abdi ngantosan anjeun."

    "Saha anjeun?" tanya Doni bangun ku heran, tuluy manehna hudang jeung nangtung bari rucam- riceum ngusapan beungeut.

    "Kuring? kuring téh Jagabaya Naraka divisi husus. Spésialis tukang salingkuh hahaha.” jawab lalaki éta sabari seuri, "Anjeun téh tamu VIP kami." sambungna.

    Doni seuri ngadéngé omongan lalaki éta. "Moal mungkin ieu téh naraka. Geuning kuring teu nénjo seuneu, teu nénjo aya siksaan ogé. Boa manéh iblis?"

    Lalaki éta unggeuk- unggeukan bari imut. “Ah, tukang salingkuh mah sok nganggep réméh. Tong hariwang, kami boga anu cocog pikeun anjeun. Hayu, urang mimitian ku hukuman anu kahiji." Jawabna sabari jung nangtung, manéhna leumpang ngadeuketan Doni.

    Doni ngarasa sieun ku omongan lalaki anu ngakukeun dirina Jagabaya. "Hukuman kahiji?" tanya Doni sabari ngerungkeun beungeutna.

    Kakara ogé sakiceup, rohangan ngadadak robah, ayeuna Doni aya di rohangan nu pinuh ku hapé. Ieu rohangan gandeng pisan ku sora notifikasi anu teu eureun-eureun. Doni neuteup kana layar hapé—aya ngaranna di dinya, dibarengan ku rébuan pesen ti mantan kabogohna.

    "Hei, ieu Maria. Émut teu nalika anjeun nyarios sibuk ku padamelan, tapi kuring ningali anjeun di kafé sareng awéwé?"

    "Ieu Siska. Ceuk manéh urang spésial, ongkoh sarius hayang tunangan tapi gening manéh ogé ngomong kitu ka Lina!"

    Loba pisan pesen-pesen anu asup. Sora notifikasi beuki ngajelenging, teu puguh dédéngéan matak nyeuri kana ceuli.

    "Alaahh meuni ribut kieu, bisa eureun teu?!" ceuk Doni sabari nutupan ceulina.

    Jagabaya ujug-ujug aya di gigireun Doni sabari mawa sagelas cikopi, tuluy manéhna diuk deui sabari nyeungseurikeun Doni anu katingali kasiksa.

     "Ieu téh karék bubuka haha. Naha anjeun émut sadaya kana jangji- jangji palsu anu anjeun omongkeun? Ayeuna aranjeunna hiji-hiji datang deui ka anjeun!"

     Doni ngajawab salasahiji telepon, tapi telepon nu séjén langsung disada. Unggal ngangkat télépon, sora di sebrang téh pinuh ku rasa kaambek jeung kuciwa, jeung tuluy anu nelepon téh nanyakeun patalékan-patalékan anu sarua. 

    "Hayu ah urang lajengkeun waé." ceuk Jagabaya sanggeus nyuruput cikopina.

    Rohangan robah deui. Wanci ayeuna Doni diuk di réstoran méwah. Di hareupeunana aya tilu awéwé: Siska, Maria, jeung Lina. Sakabéhna téh mantan kabogohna. Maranéhanana imut, tapi lain imut anu saperti biasa. Jiga anu boga rasa dengdam.

    "Doni, ceuk anjeun téh kuring cinta munggaran anjeun, kan?" tanya Maria leuleuy, sanajan sorot panonna matak pikasieuneun.

    "Enya, enya... eh, maksudna... enya, meureun," jawab Doni sabari késang tiis.

    Lina nangtung, tuluy nunjuk beungeut Doni maké curukna, “Tapi ceuk maneh kuring téh anu paling istiméwa, jeung cenah moal bisa cinta ka awéwé séjén lamun jelemana lain kuring!"

    “Euh, enya... maksud kuring...” ceuk Doni, anu tuluy dipotong ku Siska, "Oh, ongkoh nyaah jeung hayang ngabagjakeun, geuning kuring téh ngan sakadar salingkuhan?! Bari mun urang jajan sok hayang dipangmayarkeun!".

    Doni ngabetem, teu bisa nembal sakemek-kemek acan. Manéhna lieur kudu ngajawab nu mana heula. Unggal kalimah anu kaluar tina sungutna ngajieun sakabéh awéwé éta beuki ambek. Maranehna silih adu omongan. Doni hayang kabur, tapi rék nangtung gé hésé, bujurna saperti diraketkeun ku lém kana korsi anu didiukan ku manéhna. Beuki manéhna hayang ngajelaskeun, kaayaan kalah beuki pabeulit.

    Si Jagabaya némbongan deui, ayeuna mah manéhna mamawa és krim. "Hoyong ngaraosan? Raos pisan yeuh kanggo ngarencangan nongton drama." 

    Eta awéwé tuluy beuki raribut, "Heueuh eunggeus! kuring ngaku salah!” gorowok Doni, ahirna manéhna ngaku kana dosana.

    Jagabagaya imut sabari ngalamotan és krimna.”Kitu waé ogé tos katingal sesah, padahal lain aranjeunna hungkul. Réa pisan awéwé anu haténa raheut alatan kalakuan anjeun. Tah ieu hukuman pamungkas. Anjeun téh pasti bakal resep pisan!”.

    Rohangan téh robah deui, ayeuna Doni aya di rohangan anu kacida gedéna ogé pinuh ku rébuan tombol di sakurilingna. Di tengah rohangan aya layar badag anu tulisan "Reinkarnasi". Di juru rohangan, aya kotak kaca anu eusina rupa-rupa barang-barang saperti sendal jepit, tihang popoéan, kékéséd, jeung réa pisan barang anu anéh.

    "Dimana deui ieu?" tanya Doni, manehna baluweung pisan. Asa teu kacipta pisan rupa-rupa kajadian anu ayeuna karandapan ku manéhna.

    Jagabaya neuteup ka Doni, "Ieu tempat téh nangtukeun anjeun reinkarnasi jadi naon. Kusabab anjeun tukang salingkuh tangtu aya hukuman husus. Ieu barang-barang téh mangrupa simbol kahirupan anyar anjeun jaga di dunya. Sok geura pilih hiji!"

    Doni ngagisikan deui panonna, manéhna ngarasa cangcaya. "Maksud anjeun, kuring bakal janten hal-hal ieu di dunya?"

    "Unggal kalakuan pasti aya wawalesna. Anjeun bakal dikurilingan ku awéwé-awéwé geulis, tapi dina bentuk anu rada hina.” ceuk Jagabaya sabari nyéréngéh seuri.

    Doni mikir, "Muhun atuh upama kuring kudu reinkarnasi, tangtu kudu dikurilingan ku awéwé-awéwé geulis. Kuring jangji rék tobat moal deui nganyenyeri haté awéwé!"

    Jagabaya seuri deui, ayeuna mah leuwih tarik. "Hahaha, Muhun upami kitu kahoyong salira. Ku kami ditedunan! Wilujeng Doni, anjeun reinkarnasi janten sikat WC!"

    "HAHH, SIKAT WC?!” Doni ngagebeg reuwas, geuning enya manéhna bakal hirup jeung awéwé geulis, tapi tina sudut anu panghinana.

    ”Leres, tangtu kantenan bagja jadi Sikat di WC awéwé. Anjeun teh bakal kaanjangan awéwé geulis unggal poé! Tapi dina unggal aranjeunna datang, anjeun téh kudu siap papanggih jeung kokotor!”

    Doni reuwas, teu percaya kana naon anu didéngéna. “Kuring jadi sikat WC? Di WC awéwé, piraku?”

    Jagabaya unggeuk, beungeutna katingali sugema pisan. “Leres. Ti danget ayeuna anjeun salawasna aya di sabudeureun awéwé geulis. Wilujeng Doni!”.

    Doni neuteup layar reinkarnasi sabari pasrah. Lalaunan awakna mimiti ngaleutikan jeung robah bentukna, nepi ka ahirna robah jadi sikat WC.

    "Ieu hukuman anu pangparahna!" jerit batin Doni.

 

***

Comments

Populér

Naskah Drama Barudak: Liburan di Imah Nini

Judul Drama : "Liburan di Imah Nini" Jumlah Pamaén : 5 urang (Nini, Siska, Rian, Bapa, Mamah, Ema) Téma : Kulawarga, kaéndahan alam, jeung ajén budaya. BABAK 1: Angkat ka lembur [Adegan 1: Dina mobil] (Sakulawarga nuju angkat ka bumi nini di Lembur. Bapa nuju nyupiran, Ema calik di payun, Siska sareng Rian calik di korsi jok anu tukang.) Siska : (gumbira) Néng teu sabar hoyong pendak hoyong ameng sareng Nini! Rian : Aa mah éngké hoyong ngala lauk! Mamah : (seuri) Mamah ogé sami, meuni sono pisan. Da lembur Nini sakitu pikabetaheunana. Bapa : Kadé nya, Néng sareng Aa kedah layeut. Ulah paraséa nya! (Adegan ngageser ka asup ka gapura Lembur kalayan sawah anu héjo sareng hawa anu seger.) [Adegan 2: Anjog ka imah nini] (Nini keur nungguan di hareupeun imahna anu basajan) Nini : (gumbira) Incu-incu Nini! Alhamdulillah gening tos dugi! Siska & Rian : (lumpat nangkeup nini) Nini, Néng sareng Aa sono pisan ka Nini! Nini : Nini ogé meuni sono pisan, meni tos jarangkungnya ayeu...

AUTOBIOGRAFI: Lalampahan Ngawujudkeun Impian

AUTOBIOGRAFI Lalampahan Ngawujudkeun Impian Wasta kuring Anisa Putri, gumelar 27 Méi 2003 di Cileunyi Wétan, Kab. Bandung. Ngaran Anisa asalna tina basa Arab anu hartina awéwé, ari Putri téh asalna tina basa Sansekerta anu hartina budak awéwé raja. Ngaran hareup kuring dijieun ku Aki, ari ngaran tukang ku Bapa. Ngan ari harti ngaran sakabéhna mah teuing, sabab kuring ogé baluweung. Tapi sapertina ieu anu ngajadikeun kuring téh feminim, resep pisan kana warna kayas. Nénéh kuring ti leutik téh Ica. Kuring téh budak cikal jeung boga adi hiji. Getih kuring téh asli getih USA (Urang Sunda Asli). Bapa téh urang Kab. Bandung, ari Indung ti beulah kulon nyaéta ti Kab. Bandung Barat. Indung kuring anu geulis, kulitna bodas jiga ci susu wastana Ai. Bapa anu kasép, kulitna jiga ci kopi namina Dadi. Adi kuring si bungsu wastana Shofiyah, sarua jiga kuring anu kulitna jiga ci kopi susu. Baheula mah, imah kuring téh di KP. Sentral, Kec. Cileunyi Wetan, Kab. Bandung. Kampung kuring tapel wates jeung ...