Skip to main content

AUTOBIOGRAFI: Lalampahan Ngawujudkeun Impian

AUTOBIOGRAFI

Lalampahan Ngawujudkeun Impian


Wasta kuring Anisa Putri, gumelar 27 Méi 2003 di Cileunyi Wétan, Kab. Bandung. Ngaran Anisa asalna tina basa Arab anu hartina awéwé, ari Putri téh asalna tina basa Sansekerta anu hartina budak awéwé raja. Ngaran hareup kuring dijieun ku Aki, ari ngaran tukang ku Bapa. Ngan ari harti ngaran sakabéhna mah teuing, sabab kuring ogé baluweung. Tapi sapertina ieu anu ngajadikeun kuring téh feminim, resep pisan kana warna kayas. Nénéh kuring ti leutik téh Ica. Kuring téh budak cikal jeung boga adi hiji. Getih kuring téh asli getih USA (Urang Sunda Asli). Bapa téh urang Kab. Bandung, ari Indung ti beulah kulon nyaéta ti Kab. Bandung Barat. Indung kuring anu geulis, kulitna bodas jiga ci susu wastana Ai. Bapa anu kasép, kulitna jiga ci kopi namina Dadi. Adi kuring si bungsu wastana Shofiyah, sarua jiga kuring anu kulitna jiga ci kopi susu. Baheula mah, imah kuring téh di KP. Sentral, Kec. Cileunyi Wetan, Kab. Bandung. Kampung kuring tapel wates jeung wilayah Kec. Rancaékék, jauh ka Cileunyi na mah. Ku kituna, kuring sakola di wilayah Rancaékék.


Kuring sakola TK di Mutiara Ananda di taun 2008. Ti saprak TK kuring leuwih resep kana diajar jeung maca tibatan ulin. Da ti leuleutik gé geus boga jiwa introvert, anu kurang resep cacampuran jeung batur. Kuring anteng waé cicing di imah, lantaran meunang loba bahan bacaan ti tatangga anu jadi guru. Inyana beuki nguatkeun kanyaah kuring ka na élmu. Ku sabab éta, kuring boga cita-cita hayang jadi guru. Kuring asup sakola dasar di SDN 7 Rancaékék di taun 2009. Waktu harita mah kuring ngagugu ka kolot ulah miluan kagiatan ékstrakurikuler. Kuring ogé teu meunang ngilu ngojay dina mata pelajaran olahraga lantaran kolot melang cenah. Tungtungna, kuring bisa diijinan ngiluan ngojay téh waktu geus nincak gelas genep. Kuring neruskeun sakola di SMPN 3 Rancaekek di taun 2016. Waktu keur SMP, kuring mimiti aktif jeung ngawangun pamadegan sorangan nepi ka kungsi guntreng jeung kolot, tapi tungtungna mah kuring dibéré ijin lantaran anu dilakonan téh pikeun kahadéan. Di SMP kuring mimiti milu kagiatan ékstrakurikuler saperti Rohis, English Club, jeung Silat Raga Buana.

Ti Kabupaten Bandung, kuring sakulawarga pindah ka lembur indung kuring ka Bandung Barat. Tuluy kuring neruskeun sakola di SMAN 1 Cipatat di taun 2019. Di SMA, kuring aktif di Pramuka, nepi kapilih jadi Pradani. Kuring di ogé ngiluan ékstrakurikulér ROHIS jeung IT. Di SMA, kuring kungsi ngawakilan jadi kontingen KSN (Kompetisi Sains Nasional) Biologi tingkat Kabupaten. Guru kuring pesimis ningali hasil track record sakola, kompetisi anu ketat, jeung tatahar diajar ku guru ka pamilon lomba téh ngan sakali. Sésana kuring diajar sorangan ngaliwatan YouTube jeung néang soal latihan sorangan. Guru kuring kacida reueusna lantaran jadi hal anu munggaran dina KSN Biologi sakola kuring bisa ngéléhkeun réa sakola unggulan. Kuring téh ngan jadi posisi ka-6 dina hasil KSN, tapi guru biologi kuring kacida reueusna malah mah nepikeun ka méré hadiah.


Sabenerna kuring asalna ti kulawarga anu hirupna basajan. Lalampahan hirup kuring pinuh ku tantangan, utamana dina ekonomi. Tapi kuring teu hayang kuméok saméméh dipacok, salaku anak kahiji kuring kudu jadi conto anu hadé. Kuring geus diajar dagang waktu kuring keur SD, dimana kuring ngajual alat tulis anu lalucu. Waktu keur SMP, kuring ngajual risol di kelas. Unggal isuk dagangan téh sok minuhan karanjang sapedah kuring. Waktu kuring di SMA, kuring dagang pulsa, dessert, makaroni lada, jeung salad. Nalika kuring asup ka paguron luhur, kuring diajar bisnis baju thrift, dagang kadaharan seperti manggo sticky rice, kurupuk lada, jeung baso aci. Kuring téh dicarek ulah kuliah kolot sabenerna mah, da rék timana biayana. Tapi ku tekad jeung ihtiar, kuring bisa meunangkeun béasiswa pikeun kuliah, malah mah dibére bekel pikeun biaya hirupna ogé. Di taun 2021, kuring katarima jadi mahasiswa di Universitas Pendidikan Indonesia (UPI), program studi Pendidikan Bahasa Sunda. Nalika kuliah, kuring jadi diajar deui néang duit. Lian ti dagang, kuring kungsi jadi tutor les, freelance, jadi tim scoring panahan, anu dilakukeun pikeun mantuan ekonomi kolot di imah. Kuring ngabajoangkeun pendidikan téh ku sabab kuring yakin yén pendidikan mangrupa jalan pikeun ngarobah nasib, boh keur kuring sorangan boh keur kulawarga kuring.


Nalika di paguron luhur, kuring aub diri dina rupaning kagiatan saperti dina kapangurusan sub-bidang Kalar BEM Hima Pensatrada période 2022-2023, jadi anggota Turus jeung Lisenda, ngiluan réa kapanitiaan dina kagiatan internal kampus boh éksternal, ngiluan kagiatan bakti ka masarakat dina P2M, ngiluan UKM Archery dina widang olahraga, aktif jadi pangurus BAQI UPI dina widang kaagaamaan. Salian ti éta, kuring ogé aktif dina organisasi lingkungan, nyaéta Gelanggang Hijau Indonesia, jeung jadi anggota DAMAS (Daya Mahasiswa Sunda) Kota Bandung anu mangrupa organisasi Kasundaan. Sanajan remen ngarasa capé, kuring yakin yén lalampahan anu geus disorang tangtu waé bakal ngahasilkeun hal anu hadé sanajan hasilna teu karasa kabéh ayeuna. Kuring teu hayang hirup ku rasa kaduhung, ku kituna kuring ngamangfaatkeun unggal kasempetan. Sanajan kuring geus tingkat ahir, kuring néang kagiatan pikeun ngahibur jeung nambah kabisa. Kuring kakara aub kana ka klub angklung anu aya dina organisasi museum SMKAA (Sahabat Museum Konferensi Asia Afrika).

Kuring miboga harepan yén sagala tarékah anu ku kuring lakonan téh bisa mangfaat boh pikeun diri sorangan boh pikeun lingkungan sabudeureun. Cita-cita kuring téh hayang jadi wanoja anu macakal ogé bisa mangpaat pikeun sasama. Sanajan asa geus jauh lalampahan, panjang kénéh carita anu bakal disorang. Mugia waé tinekanan kana sagala pamaksadan.

Comments

Populér

Naskah Drama Barudak: Liburan di Imah Nini

Judul Drama : "Liburan di Imah Nini" Jumlah Pamaén : 5 urang (Nini, Siska, Rian, Bapa, Mamah, Ema) Téma : Kulawarga, kaéndahan alam, jeung ajén budaya. BABAK 1: Angkat ka lembur [Adegan 1: Dina mobil] (Sakulawarga nuju angkat ka bumi nini di Lembur. Bapa nuju nyupiran, Ema calik di payun, Siska sareng Rian calik di korsi jok anu tukang.) Siska : (gumbira) Néng teu sabar hoyong pendak hoyong ameng sareng Nini! Rian : Aa mah éngké hoyong ngala lauk! Mamah : (seuri) Mamah ogé sami, meuni sono pisan. Da lembur Nini sakitu pikabetaheunana. Bapa : Kadé nya, Néng sareng Aa kedah layeut. Ulah paraséa nya! (Adegan ngageser ka asup ka gapura Lembur kalayan sawah anu héjo sareng hawa anu seger.) [Adegan 2: Anjog ka imah nini] (Nini keur nungguan di hareupeun imahna anu basajan) Nini : (gumbira) Incu-incu Nini! Alhamdulillah gening tos dugi! Siska & Rian : (lumpat nangkeup nini) Nini, Néng sareng Aa sono pisan ka Nini! Nini : Nini ogé meuni sono pisan, meni tos jarangkungnya ayeu...

CARPON: Hukuman

HUKUMAN Ku: Anisa Putri        Kulisik Doni nyaring bari rurat-reret ngagisikan panon. Ieu tempat téh ahéng, lain kawas sawarga tapi ogé lain kawas naraka. Euweuh seuneu, euweuh jalma anu keur disiksa, jeung euweuh iblis atawa sétan anu tandukan. Barang tanggah, bréh katingali di juru rohangan aya hiji lalaki anu katingali ngora jeung kasép, manéhna anteng diuk dina korsi goyang.      "Wilujeng sumping, Doni," ceuk éta lalaki sabari imut semu sinis.      "Abdi ngantosan anjeun."      "Saha anjeun?" tanya Doni bangun ku heran, tuluy manehna hudang jeung nangtung bari rucam- riceum ngusapan beungeut.      "Kuring? kuring téh Jagabaya Naraka divisi husus. Spésialis tukang salingkuh hahaha.” jawab lalaki éta sabari seuri, "Anjeun téh tamu VIP kami." sambungna.      Doni seuri ngadéngé omongan lalaki éta. "Moal mungkin ieu téh naraka. Geuning kuring teu nénjo seuneu, teu nénjo aya siksa...