ÉKRANISASI CARPON JURIG GEDONG SÉTAN
KARYA KI UMBARA
Ku: Anisa Putri
Tokoh:
1. Wildan: Mahasiswa.
2. Jaja: Sobat Wildan.
3. Pa Haji: Nu boga gedong kosong.
4. Emak: Awéwé lima puluh taunan.
7. Bapa Wildan: Bapa Wildan anu asalna ti lembur.
________________________________________
Babak 1: Kos Wildan
(Wildan diuk di kamar kostna nu heurin. Muka dompétna, di jerona ngan aya sababaraha lembar duit.)
Wildan: Duh.. duit sakieu mah ngan mahi jang dahar dua poé, jaba can mayar indekos. Urang kudu kumaha?
(Aya nu ngetrok panto.)
Jaja: (Bari asup) Assalamualaikum, Dan. Naha silaing asa ngalamun waé euy?
Wildan: Teu kunanaon Ja. Ngan asa nyeri sirah.
Jaja: (Seuri) Pasti mikiran duit indekos kan?
Wildan: Heueuh Ja.
Jaja: Mun silaing daék mah aya gedong kosong nu Haji Gapur di Bandung Kidul. Asal daék wé nyicingan, teu kudu nyéwa!
Wildan: Ah teu percaya déwék mah, saha anu teu lebar boga gedong dipérékeun kitu. Sakieu di Bandung hésé jeung mahal imah téh.
Jaja: Aya sababna, cenah réa jurigan.
Wildan: Euweuh caritana aya anu paéh dicekék jurig, éta mah ngan téténjoan jalma borangan.
Jaja: Wani silaing téh? Mun wani hayu ku déwék dianteur ka nu bogana.
Wildan: Na maké teu wani, kawas lain budak Cirebon waé.
________________________________________
Babak 2: Gedong Haji Gapur
(Wildan jeung Jaja anjog ka imah Haji Gapur, manéhna beunghar ngan borangan. Haji Gapur atoheun pisan gedong kosongna aya anu daék nyicingan.)
Haji Gapur: Sukur Ujang daék nyicingan, saheunteuna moal ruksak teuing bangunanana. Saenyana mah geus sering eta gedong aya anu nyicingan, ngan teu karuateun lantaran aya jurigan. Ditarekahan mah nggeus tapi taya dukun anu metu, da meni barangor juring walanda téh. Badé duaan ieu téh?
Jaja: Heunteu abi mah, mung nganteur ngadeuheusan. Kumaha Dan?
Wildan: Muhun Pa, abi badé nyobian heula. Pami teu kiat widi ngantunkeun deui.
Haji Gapur: Nya ari kitu mah sukur, urang labur heula di jerona ambéh rada beresih.
________________________________________
Babak 3: Peuting munggaran
Saminggu ti harita, isuk-isuk Wildan geus pindah ka éta gedong. Beurangna, ngan jol baé aya awéwé lima puluh taun sasadu hayang ngarencangan.
Wildan: Sukur ai Ema hayang ngarencangan mah, ngan kuring moal bisa ngagajih.
Ema: Da Ema lain rék ngarah upah, ieu mah tumut kana pituduh gaib, yén Ema kudu cicing di ieu Bumi.
(Ema nembongkeun eusi cepuk nu eusina emas inten berlian)
Ema: Engké mun geus salsé urang ngadongéng.
Peutingna, bada magrib mani sepi. Di juru piring kumbaheun trang-tréng-trong, tuluy buku tinggaleber dibalang-balangkeun. Jol aya puluhan rorongkong taya sirahna aya puluhna. Tuluy aya sirah gugulutukan.
(Gorowok nu tulung-tulungan): Mamah! Help-help.
Ema: Tuan Muda!
Si Ema jeung Wildan istigpar terus asup ka kamarna masing-masing. Nepi ka isuk jurig teh ngaraksi.
________________________________________
Babak 4: Kadatangan Bapa
Isukna, Wildan karék hudang, aya nu ngetrok panto. Bapana ti lembur anu geus disuratan datang, di lembur mah Bapana kasebut jalma anu ngarti kana urusan lelembut.
Bapa Wildan: Sugan Ujang apal ieu gedong téh urut naon béjana?
Wildan: Sanggem anu nyarios mah, ieu gedong téh jaman Jepang dianggo markas!
Ema: Baheula basa keur parawan, Ema téh ngababuam di tuan kawasa salah sahiji tuan di Bandung Kidul. Budak Tuan nyaéta Sinyoh Karél anu bogoheun ka Ema. Indung Bapana teu apaleun, apal-apal sanggeus Ema reuneuh tujuh bulan. Barang brol ngajuru, Opa Omana nyaraaheun pisan, dingaranan Sinyoh Willem. Ema nyebut ka Tuan Kawasa téh tuan Besar, ka nyonyana Nyonya Besar, ari ka Sinyoh Karel Tuan Muda. Satengah taun ti arinditna Tuan jeung nyonya besar katut Sinyoh Willem ka nagri, breg balatentara Jepang asup ka urang. Tuan Muda ditawan ku Jepang. Nalika Ema nyaho yén salaki téh ditawan, Ema balik ka lembur. Ema ngimpi papanggih jeung mitoha nyaéta Nyonya Besar anu nuduhkeun ka gedong ieu sangkan papanggih jeung Tuan Muda.
Wildan: Éta sababna Ema ngagero Tuan Muda nalika manggihan sirah gugulutukan?
Ema: Atuda persis sirah anjeunna!
(Sararéa ngagebeg, sirah anu dicaritakeun ujug-ujug aya di luhur méja)
Bapa Wildan: Nyieun parupuyan Ma!
(Bapa Wildan solat magrib tuluy ngukus meni meledug)
Bapa Wildan: (Ngaharewos) Aya pacul?
Wildan: Aya Pa.
Bapa Wildan: Pék kali lebah anu dicirian Bapa.
Tacan gé satengah meter Wildan ngalina, geus tingboréngkal tulang-tulang jeung babatok sirah. Ku Bapana dikumpulkeun tuluy ninyuh turusi dina baskom, cur dikucurkeun kana tulang-tulang nepika lantis. Geus kitu tulang-tulang téh dikubur deui.
Bapa Wildan: Pék ayeuna mah sing baretah, da jurig-jurigna geus disampurnakeun!.
Comments
Post a Comment