GUGURITAN
Béntang caang tingtrim kalbu
jadi saksi rasa kuring
nineung akang nu paanggang
kadé lali kana jangji
anu dijieun duaan
nyorang bagja nu dianti
Aduh Gusti Mahaagung
rasa nineung dina ati
geuning karasa ayeuna
ditinggalkeun ku lalaki
pikeun ngudag cita-cita
sangkan nyugemakeun diri
Unggal peuting kuring tangtu
ngarep-ngarep engkang balik
ieu rasa nu dijaga
tuluy matri dina ati
ngan saeutik nu diteda
bisa patepung nya deui
Naha lila ieu waktu
hayang geura-geura panggih
henteu kabayang bagjana
lamun bisa nya papanggih
kuring daék nunungguan
saupama takdir Gusti
Muga naon nu dimaksud
ku Akang dianti-anti
muga bisa kalaksana
lantaran ikhtiar diri
muga bisa nya kahontal
alatan rido Ilahi
Kuring nulis dina buku
ieu gurit saban peuting
muga naon nu dirasa
ku kuring anu ditulis
bisa nepi ka salira
nu jauh anggang nya diri
Sok sanajan urang jauh
tapi padeukeutna ati
sok sanajan jarak anggang
cinta mah moal pahili
euweuh bisa ngahalangan
pikeun duriat sajati
Ieu gurit tangtu luyu
kabéh rasa anu nulis
nepikeun rasa kacinta
minangka hiji panggeuing
kudu loba nya ngadunga
sangkan takdirna ngahiji
Rumah tangga nu dituju
dua jalma nu ngahiji
ngarasa bagja di dunya
di akhérat tangtu deui
ngajalankeun nya ibadah
meungkeutkeun tali paranti
Ka Akang di tempat jauh
Enéng di dieu mah nitip
Muga salawasna Akang
ditetegkeun haté suci
nu diteda nya kahontal
muga urang panggih deui
Comments
Post a Comment