Skip to main content

Naskah Longsér: Ujang jeung Nénéng

 

Judul: Ujang jeung Nénéng

Ku: Anisa Putri


Tokoh:

• Abah: Lalaki umur 55 taun anu basajan jeung wijak, tapi kalakuanana sok teu luyu jeung omonganana. Sok maké sarung jeung kopéah.

• Indung: Awéwé anu teges jeung welas asih, umurna 50 taun. Sok make daster jeung tiung.

• Nénéng: Anak awéwé hiji-hijina, 22 taun. Éraan tara daék campur gaul.

• Ujang: Jajaka kasép ti lembur tatangga, umurna 24 taun. Bageur tapi sok salah, kalah mindeng pikaserieun.

Adegan 1: Soang Galak.

Isuk-isuk Ujang datang ka imah Abah, rék mantuan ngeusian balong leutik tukangeun imah.

Bapa : "Jang, balong téh geuning téréh garing, bisi paraéh laukna. Pangeusiankeun ku cai sumur maké émbér."

Ujang: "Siap, Bah! émbérna mana?"

Sanggeus ngeusian cai kana émbér gedé, Ujang ngajugjug ka balong. Tapi di jalan, manéhna dipegat ku soang galak. Sing horéng tulak kandangna lésot, jadi karabur. Ningali Ujang, éta soang-soang ngabeberkeun jangjangna tuluy rék ngalodok si Ujang, sora soangna récét kawas tarompét.

Ujang: "Euh siah! Ulah garalak hayang dipeuncit?!"

Soang téh jiga nu ngarti tuluy narajang, bujur si ujang dilodokan tuluy manéhna manjur soang maké cai. Lainna sarieun, soang téh kalah beuki arambek. Ujang sieuneun tuluy lumpat ka pakarangan Imah, diuudag ku soang.

Ti jero imah, Nénéng ningali éta kajadian.

Nénéng : "Abah, tingali! Si Ujang diudag ku soang. Lucu pisan hahaha!"

Abah : (seuri bari nyekelan beuteung) "Aduh, poho can menerkeun tulak kandangna!"

Adegan 2: Pancén ti Ema.

Sanggeus kajadian dilodok soang, Ujang dibéré pancén ti Ema pikeun menerkeun popoéan anu ruksak. Ujang sumanget pisan, manéhna maku awi panjang minangka gaganti.

Ujang : "Ieu Nénéng, popoéan anyar. Ieu mah kuat!"

Nalika Ujang nyobaan ngagantung kaén baseuh pikeun nguji, awina potong tuluy kaénna ngacléng jiga katapel. Kaén nu baseuh ngalayang kana beungeut Abah nu keur anteng ngopi di teras imah.

Abah : (reuwas) "Duh Gusti! Aya naon ieu?!"

Nénéng : (seuri, nyéréngéh) "Alah siah Ujang!"

Ujang : (reuwas) "Eh, hapunten teu kahaja Bah. Ieu badé dilereskeun deui nya!"

Abah: (molotot sabari manyun).

Adegan 3: Ngubaran Hayam

Geus menerkeun popoéan, hayam nu Ema aya anu tatu. Ema nitah Ujang néwak éta hayam keur diubaran.

Ema : "Jang, éta téwak si jago. Tatu sirahna dipacokan ku hayam bikang, urang ubaran karunya!."

Ujang : "Siap, Ma!"

Sanajan kitu, éta hayam jago siga boga kakuatan gaib. Saban si Ujang ngadeukeutan, hayamna luncat, ngapung, leungit dina rungkun. Ujang lumpat siga atlit olimpiade.

Nénéng : "Hayamna leuwih pinter ti Si Ujang nya?!"

Ujang: "Ieu hayam atawa ninja?! tong lumpat waé hayam!"

Sanggeus 15 menit pinuh ku drama, ahirna Ujang bisa néwak éta hayam ku dua leungeunna. Tapi ujug-ujug kalah kongkorongok deukeut ceulina pisan nepi ka Ujang labuh kana balong.

Ema: "Duh, Ujang! Kumaha ieu néwak hayam gé siga rék perang?"

Nénéng : "Ma, hayam teh ceurik teu nya ningali si Ujang?"

Adegan 4: Ngala sampeu.

Bérés dahar beurang, Abah ngajak Ujang ka kebon .

Bapa : "Jang, pangalakeun sampeu nya? ngké Nénéng bakal mantuan mawa ka imah."

Ujang : "Siap, Bah!"

Tapi, Ujang salah paham. Lainna nyabutan umbi sampeu, kalah ngala daun tangkal sampeu. Sabot Nénéng datang, manéhna reuwas ningali tangkal sampeu nu geus gundul.

Nénéng : "Ujang! Naha digundulan ieu tangkal sampeu?!"

Ujang : (bingung) "Hah? saur Abah ngala cenah, sugan téh ngala daun! Sanesna Ema sok ngadamel buntil tina daun sampeu nyah?”

Nénéng seuri bari nyekelan beuteung. Abah nu datang ningali hasil pagawéan Ujang ngan bisa gideug.

Abah: "Jang, singkong mah di jero taneuh, lain dina tangkal!"

Adegan 5: Geutah Nangka.

Wanci soré, Ujang dibéré pancén deui pikeun ngala nangka asak.

Abah: "Jang, itu bawa nangka nu gedé, nya? Ema rék nyieun kolek."

Ujang: "Muhun, Bah. Siap!"

Ujang ngala nangka ku kacida héséna. Najan kitu, manéhna teu nyaho yén geutah nangka téh cepel pisan. Leungeunna pinuh ku geutah, kalah ngagaro sirahna anu ateul, buukna jadi carepel.

Nalika ka dapur, Nénéng ningali leungeun jeung buuk Ujang geus balepotan.

Nénéng : "Ujang, naha siga tos ngomé elem?"

Ema : "Ih, Ujang! Lamun ngala atawa mesek nangka, oles heula leungeunna ku minyak! Teu nyaho kitu?"

Ujang : (nyéréngeh) "Teu terang, Ma. Hapunten héhéhé."

Sabot keur nataharkeun nangka, ujug-ujug aya simeut ngajléng kana sirah Ujang.

Nénéng : "Ujang, éta aya simeut dina mastaka!"

Ujang : (reuwas) "Kamana?! Kamana?! Kadieu urang téwak!"

Ujang néwak simeut, tapi ku sabab buukna cepel kénéh, leungeunna pabelit kana buuk. Manéhna katingalina siga anu gelut jeung dirina sorangan.

Abah : "Hahaha! Ujang-ujang, aya wé pamolahna téh.

Peuting éta, kabéh ngabarakatak seuri bari ngadahar , Ujang jadi hiburan utama. 

Comments

Populér

Naskah Drama Barudak: Liburan di Imah Nini

Judul Drama : "Liburan di Imah Nini" Jumlah Pamaén : 5 urang (Nini, Siska, Rian, Bapa, Mamah, Ema) Téma : Kulawarga, kaéndahan alam, jeung ajén budaya. BABAK 1: Angkat ka lembur [Adegan 1: Dina mobil] (Sakulawarga nuju angkat ka bumi nini di Lembur. Bapa nuju nyupiran, Ema calik di payun, Siska sareng Rian calik di korsi jok anu tukang.) Siska : (gumbira) Néng teu sabar hoyong pendak hoyong ameng sareng Nini! Rian : Aa mah éngké hoyong ngala lauk! Mamah : (seuri) Mamah ogé sami, meuni sono pisan. Da lembur Nini sakitu pikabetaheunana. Bapa : Kadé nya, Néng sareng Aa kedah layeut. Ulah paraséa nya! (Adegan ngageser ka asup ka gapura Lembur kalayan sawah anu héjo sareng hawa anu seger.) [Adegan 2: Anjog ka imah nini] (Nini keur nungguan di hareupeun imahna anu basajan) Nini : (gumbira) Incu-incu Nini! Alhamdulillah gening tos dugi! Siska & Rian : (lumpat nangkeup nini) Nini, Néng sareng Aa sono pisan ka Nini! Nini : Nini ogé meuni sono pisan, meni tos jarangkungnya ayeu...

CARPON: Hukuman

HUKUMAN Ku: Anisa Putri        Kulisik Doni nyaring bari rurat-reret ngagisikan panon. Ieu tempat téh ahéng, lain kawas sawarga tapi ogé lain kawas naraka. Euweuh seuneu, euweuh jalma anu keur disiksa, jeung euweuh iblis atawa sétan anu tandukan. Barang tanggah, bréh katingali di juru rohangan aya hiji lalaki anu katingali ngora jeung kasép, manéhna anteng diuk dina korsi goyang.      "Wilujeng sumping, Doni," ceuk éta lalaki sabari imut semu sinis.      "Abdi ngantosan anjeun."      "Saha anjeun?" tanya Doni bangun ku heran, tuluy manehna hudang jeung nangtung bari rucam- riceum ngusapan beungeut.      "Kuring? kuring téh Jagabaya Naraka divisi husus. Spésialis tukang salingkuh hahaha.” jawab lalaki éta sabari seuri, "Anjeun téh tamu VIP kami." sambungna.      Doni seuri ngadéngé omongan lalaki éta. "Moal mungkin ieu téh naraka. Geuning kuring teu nénjo seuneu, teu nénjo aya siksa...

AUTOBIOGRAFI: Lalampahan Ngawujudkeun Impian

AUTOBIOGRAFI Lalampahan Ngawujudkeun Impian Wasta kuring Anisa Putri, gumelar 27 Méi 2003 di Cileunyi Wétan, Kab. Bandung. Ngaran Anisa asalna tina basa Arab anu hartina awéwé, ari Putri téh asalna tina basa Sansekerta anu hartina budak awéwé raja. Ngaran hareup kuring dijieun ku Aki, ari ngaran tukang ku Bapa. Ngan ari harti ngaran sakabéhna mah teuing, sabab kuring ogé baluweung. Tapi sapertina ieu anu ngajadikeun kuring téh feminim, resep pisan kana warna kayas. Nénéh kuring ti leutik téh Ica. Kuring téh budak cikal jeung boga adi hiji. Getih kuring téh asli getih USA (Urang Sunda Asli). Bapa téh urang Kab. Bandung, ari Indung ti beulah kulon nyaéta ti Kab. Bandung Barat. Indung kuring anu geulis, kulitna bodas jiga ci susu wastana Ai. Bapa anu kasép, kulitna jiga ci kopi namina Dadi. Adi kuring si bungsu wastana Shofiyah, sarua jiga kuring anu kulitna jiga ci kopi susu. Baheula mah, imah kuring téh di KP. Sentral, Kec. Cileunyi Wetan, Kab. Bandung. Kampung kuring tapel wates jeung ...