RARAKITAN
Rarasaan mawa lakban
Teu nyaho kalah katinggaleun
Rarasaan kasép pisan
Teu nyaho aya cileuhan
Cenah hayang ka Cianjur
Ulah poho bebekelan
Cenah hayang loba dulur
Ulah pisan sok delitan
Hayang bisa numpak kuda
Judulna méh jiga
Krisna Hayang téh geura wisuda
Judul skripsi gé can boga
Kamari indit ka Garut
Ayeuna ka Batu Karut
Kamari meuni camberut
Ayeuna mah meuni imut
Keun cenah manéhna murel
Urang mah teu walakaya
Keun waé pendek busekel
Urang mah loba duitna
Hayang és entéh Mang Alan
Ngan kalah béak ku Inéh
Hayang téh geura liburan
Ngan kuliah asup kénéh
Kamana angkatna peuting
Geuningan srangéngé sumping
Kamana bébéndé kuring
Geuningan digiwing ucing
Mun imut ka babaturan
Kudu soméah téh pisan
Mun émut ka pangbalikan
Kudu gaduh bebekelan
Mun urang rék ngala nangka
Kadé ulah anu ngora
Mun urang alim cilaka
Kadé ulah lalawora
Cing asa meulian korma
Meungpeung can kaburu buka
Cing bisa mulang tarima
Meungpeung kolot masih aya
Comments
Post a Comment