GUGURITAN Béntang caang tingtrim kalbu jadi saksi rasa kuring nineung akang nu paanggang kadé lali kana jangji anu dijieun duaan nyorang bagja nu dianti Aduh Gusti Mahaagung rasa nineung dina ati geuning karasa ayeuna ditinggalkeun ku lalaki pikeun ngudag cita-cita sangkan nyugemakeun diri Unggal peuting kuring tangtu ngarep-ngarep engkang balik ieu rasa nu dijaga tuluy matri dina ati ngan saeutik nu diteda bisa patepung nya deui Naha lila ieu waktu hayang geura-geura panggih henteu kabayang bagjana lamun bisa nya papanggih kuring daék nunungguan saupama takdir Gusti Muga naon nu dimaksud ku Akang dianti-anti muga bisa kalaksana lantaran ikhtiar diri muga bisa nya kahontal alatan rido Ilahi Kuring nulis dina buku ieu gurit saban peuting muga naon nu dirasa ku kuring anu ditulis bisa nepi ka salira nu jauh anggang nya diri Sok sanajan urang jauh tapi padeukeutna ati sok sanajan jarak anggang cinta mah moal pahili euweuh bisa ngahalangan pikeun du...